Balong Darmaloka

Senin, Juli 05, 2010
Teu saeutik patempatan anu dianggap mibanda karamat. Contona hiji balong anu katelah balong karamat Darmaloka. Balong anu lain sabalong-balongna. Nurutkeun sajarahna, balong karamat Darmaloka mangrupa titinggal jaman Wali Sanga. Bp. Wahyu, minangka kuncen balong karamat Darmaloka, ngadadarkeun carita anu nyamuni di balong Darmaloka.

*

Nyukcruk galur sajarah para wali, moal bisa leupas ti kota Kuningan. Minangka salah sahiji kota anu geus ninggalkeun sajarah kalayan euyeub. Hari jadi kota Kuningan ditetepkeun dina tanggal 1 September 1498. Sabab dina poe eta pisan, Pangeran Kuningan diangkat jadi pupuhu pamarentahan Kuningan kalayan meunang gelar ‘Pangeran Arya Adipati Kuningan’. Pangeran Kuningan nyaeta putra Syeh Syarif Hidayatulloh/Sunan Gunung Djati ti bojona Ratu Ontin Nio atawa Ratu Rara Sumanding. Teu aneh lamun di Kuningan loba patempatan anu dianggap ngandung sajarah. Diantarana Balong Karamat darmaloka.

Balong Karamat Darmaloka perenahna di kampung Darmaloka, hiji wewengkon di Desa darma, Kec. Darma, Kab. Kuningan. Anggangna kurang leuwih 13,5 KM ti puseur dayeuh kota Kuningan ka tebeh kidul. Nurutkeun Bp. Wahyu, Balong Darmaloka teh minangka balong kalima anu dijieun ku Syeh Rama Haji Irengan dina waktu sapeuting. Samemehna, Syeh Rama Haji Irengan nyieun balong di Pasawahan, Balong Dalem, Cigugur jeung Cibulan.

Saha ari Syeh Rama Haji Irengan teh? Ceuk Bp. Wahyu, Syeh Rama Haji Irengan mangrupa salah sahiji Wali anu nyebarkeun agama Islam. Malah kungsi babarengan salila sapuluh taun jeung Syeh Abdul Muhyi (Pamijahan). Hanjakal pisan, buku sajarah ngeunaan Syeh Rama haji Irengan teh aya anu nginjeum. Satuluyna anu nginjeum bukuna meunang musibah, basa keur jaman penjajahan Belanda imahna diduruk. Tangtu bae buku sajarah Rama Haji Irengan oge milu kaduruk. Tapi nurutkeun Bp. Wahyu keneh, sajarah ngeunaan Syeh Rama Haji Irengan baris kapanggih dina sajarah Pamijahan - Tasikmalaya.

Pangna Syeh Rama Haji Irengan nyieun balong di lima tempat, pikeun dijadikeun tempat nyebarkeun agama Islam. Contona mah sanggeus rengse nyieun balong di lima tempat, Syeh Rama Haji Irengan ngayakeun haol atawa halal bi halal di wewengkon balong Darmaloka. Malah dina waktu eta pisan, balong Darmaloka mimiti dipelakan lauk anu dingaranan si Kohkol. Syeh Rama Haji Irengan teu ngidinan upama lauk di balong Darmaloka didahar, estuning dihususkeun pikeun tingalieun wungkul. Malah mandar jadi patamanan tempat niiskeun hate atawa panglipur.

Kumaha rasana lauk di Balong Darmaloka? Aya ngeunah, aya teu ngeunah. Kituna teh geus dicobaan langsung ku Syeh Rama Haji Irengan. Jumlahna oge aya kalana loba, aya kalana saeutik. Upama aya sora kohkol, lauk di Darmaloka bisa ngalobaan. Matak nepi ka kiwari, taya jalma anu wani ngaganggu kana lauk anu aya di balong Darmaloka.

Nepi ka kiwari loba anu jarah ka wewengkon Balong karamat Darmaloka. Sabab di eta wewengkon pisan ayana tujuh pajaratan tempat dikurebkeunna Syeh Rama Haji Irengan, Prabu Arya sariningsingan, Mbok Bukit, Rama Bukit, Syeh Rama Gusti, Nyai Sari Kuning, jeung Nyai Sari Kembang.

Balong karamat Darmaloka dibagi sababaraha tempat. Diantarana aya balong Ageung, balong Bangsal, balong Beunteur, bale kamnbang jeung sumber cai Cibinuang. Malah dina cai Cibinuang eta, loba anu ngahajakeun ngalap barokah ku jalan mandi. Tempatna anu rada nyingkur jeung kahalangan ku batu gede, ngajadikeun anu marandi bisa laluasa. Ceuk Bp. Wahyu, diantara anu marandi teh sok aya anu boga kahayang. Anu hayang geura boga salaki atawa pamajikan, anu hayang lulus sakola, naek jabatan jeung sajabana. Tapi tetep bae, ngadunga mah ka Gusti Alloh SWT. Perkara mandi di Cibinuang, eta mah sakadar sareatna bae, kitu ceuk Bp. Wahyu.

Mangsa pamarentahan presiden Habibibi, balong karamat darmaloka kungsi dibere beber pangajen minangka salah sahiji wewengkon anu kabeungharan alamna dipiara tur dilestarikeun. Piagem anu dipasrahkeun sacara simbolik ku presiden Habibi, ditampa ku Bp. Jaenudin, salah sahiji kuncen balong karamat Darmaloka. Hanjakalna Mangle teu bisa nepungan Bp. Jaenudin, sabab keur teu damang. Tapi sanajan kitu, Bp. Jainudin bisa diwakilan ku Ibu Endah, salah sahiji seler kulawargana.

“Bp. Jainudin teh salah sahiji katurunan Syeh Rama Haji Irengan.” Kitu ceuk Ibu Endah bari ngasongkeun suguh anu rada aneh. Aneh soteh pedah ngaranana ‘Angling Dharma’, ari rupana mah da teu beda jeung sabangsaning wajit. Ibu Endah oge nembongkeun potret Bp. Jaenudin anu keur dileler pangajen ku presiden Habibi.

Balong karamat Darmaloka dijadikeun salah sahiji obyek wisata Kuningan. Tempatna moal hese diteangan, sabab aya di jalur utama jalan Cirebon-Kuningan-Ciamis.

Upama ti Cirebon mah anggangna kurang leuwih 48 KM. Kaendahan alam jeung lingkunganna ngajadikeun hiji panarik pikeun para wisatawan anu ngider kota Kuningan. Teu aneh lamun balong Darmaloka sok disebut ‘The beauty of lotus in the cracking water‘ (Endahna kembang tarate dina cai anu wening).***

sumber :
http://galuh-purba.com/
Ku DHIPA GALUH PURBA & DADAN SUTISNA
Dimuat di Majalah Mangle