Sasakala Situ Paténggang

Senin, Juli 05, 2010
CINTA mibanda kakuatan nu rohaka. Cinta, merelukeun perjoangan jeung pangorbanan, kalayan disorang ku haté nu ihlas. Najan dipisahkeun ku anggangna tempat, tapi ku cinta mah mo burung jauh dijugjug anggang ditéang.

Ki Santang jeung Déwi Rengganis, nu ngawiru cinta munggaran. Hiji mangsa manggih cocoba, kudu paturay paanggang tineung. Sanaos kitu, ari ati papada ati mah teu weléh cumantél. Peureum kadeuleu, beunta karasa. Anu ahirna ngajurung duanana pikeun maluruh laratan séwang-séwangan. Déwi Rengganis maluruh laratan Ki Santang, pon pilalagi sabalikna. Patéangan-téangan, tug dugi ka nyaliksik ka tepis wiring.

Cunduk waktu, ninggang mangsa, antukna Déwi Rengganis sareng ki Santang teu burung patepung lawung paamprok jonghok di hiji tempat kalayan disaksian ku hiji batu gedé, anu kiwari katelahna Batu Cinta.

“Jungjunan buah ati di pawenangan, nyanggakeun raga katineung anu ngancik dina asmara. Jisim abdi tĂ©h parantos apruk-aprukan maluruh laratan salira, nanging ihlas, rido, dugi ka ayeuna urang tiasa patepang dibarung hatĂ© kebek kabagjaan…” kitu saur DĂ©wi Rengganis.

“Deudeuh teuing, geulis. Akang ogĂ© apan salami ieu tĂ©h lumampah tanpa tujuan, Ă©stuning nuturkeun indung suku tĂ©h sanĂ©s bobohongan. Demi anu diseja, taya deui iwal ti patepang sareng salira. Kiwari akang kacida bungahna, bungah kagiri-giri wirĂ©h urang patepung di ieu tempat…” waler Ki Santang.

Déwi Rengganis sareng Ki Santang silih cacapkeun kasono di luhur batu gedé, batu cinta. Salajengna Ki Santang ngedalkeun pamaksudanana pikeun nyandingkeun Déwi Rengganis. Tangtos baé Déwi Rengganis henteu nampik, sasat tos jadi cita-citana ti kapungkur. Kilang kitu, Déwi Rengganis aya panuhun ka Ki Santang.

Manawi teu kaabotan, jisim abdi tĂ©h gaduh kahoyong…”

“Mangga, geulis. Hoyong naon baĂ©, moal burung ditarĂ©kahan, pikeun ngabuktikeun cinta akang ka salira…”

“Duh… jungjunan buah hatĂ©, jisim abdi tĂ©h hoyong dipangdamelkeun situ sareng parahuna, kanggo urang duaan lalayaran…”

“Situ?”

“Sumuhun, jungjunan…”

“Sumangga, ku akang dipangdamelkeun…”

“Akang Ihlas?”

“Tangtos baĂ©, geulis. Bujeng hingga ukur situ, dalah dipiwarang ngadamel laut ogĂ©, tangtos akang bakal narĂ©kahan sakamampuh akang…”

“Hatur nuhun, akang…”

Kocap Ki Santang anu katelah mibanda kasaktian, langsung ngetrukeun sakur pangabisana. Ki Santang nénjrag lelemah dibarung ku kakuatan anu rohaka. Bumi inggeung, sarta cai nyusu ngaburial. Cai nyusu ngeueum éta patempatan tug dugi ka jadi situ. Teu hilap, Ki Santang ogé ngadamel parahu, kanggo lalayaran.

Sabada Ki Santang tiasa nohonan pamundut Déwi Rengganis, tangtos baé Déwi Rengganis ogé henteu sulaya kana jangjina. Ki Santang sareng Déwi Rengganis maheutkeun jangji, meungkeut cinta ku pertikahan.

*

Kiwari Situ Paténggang kakoncara minangka salahsahiji tujuan wisata Jawa Barat. Naha bet katelah Paténggang? Taya nu terang sacara pasti, da anu écés mah kawitna tina paténgan. Maksad Paténgan téh nyandak tina lalampahan Ki Santang sareng Déwi Rengganis anu silih téangan atanapi patéangan-téangan.

Demi parahu anu didamel ku Ki Santang tĂ©a kiwari ngajanggĂ©lĂ©k jadi hiji pulo anu perenahna di satengahing situ. Éta pulo tĂ©h kiwari dinamian Pulo Asmara. Tangtos nyandak tina asal muasal parahu, anu dianggo ngumbar asmara ku DĂ©wi Rengganis sareng Ki Santang.

Dumasar tina éta lagénda, kiwari tumuwuh kapercayaan atanapi mitos di sabagéan masarakat. Utama mah aya nu gaduh pamadegan, yén sing saha baé anu nuju papacangan, bakal lana hubunganana, pami lalayaran di Situ Paténggang. Ku ayana éta mitos, seueur anu wisata ka Situ Paténggang téh disarengan ku bébénéna séwang-séwangan.***

sumber : http://galuh-purba.com/
Ku DHIPA GALUH PURBA
Dimuat di Majalah Seni Budaya edisi 169, November 2005